URANG CIAMIEZ NGAN PEDAH TEU PATI KASEP HUNGKUL

URANG CIAMIEZ NGAN PEDAH TEU PATI KASEP HUNGKUL
poetra.ciamiez89@yahoo.co.id/yayaherdiana@rocketmail.com

17 April 2009

CIMATA MARENGAN BEJA


Kolepat kalangkang anjeun kumalayang na kongkolak panon.Duh jungjunan!na kunaon anjeun bet tega luluasan megatkeun asih nu keur meujeuhna nganteng?
Na teu karunya ka akang nu mitresna salira?
Saur anjeun bongan akang nu teu aya kawantun,apan saur anjeun keneh istri sareng pameget nu sae teh nu tiasa janten kabanggaan pasangana.

Geulis apan anjeun ge terang nyalira,ari akang nu sakieu buktosna.naon nu rek dibanggakeun ti diri akang?


Ti kawit nguping wartos yen anjeun nampi pinangan hiji pameget,nu saurna seja mitresna salira.
Hate asa tingseredet,raga asa kaleungitan sukmana,da puguh sabeulah hate akang aya na diri anjeun.

Layung ngempur mulas mega,siga nu ngawawaas.Pan na mangsa kitu,urang duaan biasa patepang teh.Gap kana tihang,panon mencrong ka jauhna.keclakna cimata marengan tunggara.ras kana diri böngan asih ganti kapeurih,bongan katresna salin tunggara.

Rumasa kacinta teu aya duana,rumasa asih teu beunang disisilihan.Naha katresna sapertos ayeuna tiasa kapendak deui.Naha asih kiwari pinanggih ganti.Ngaguruh na bedug lir nu ngageuing.kulawung na adan lir nu ngabejaan.tuh pancuran ngaguruh jung geura wudu!Geura sumujud ka Hyang Agung! Geura tumamprak kanu maha Kawasa. Geura pasrah sadrah najan kahayang teu laksana. Penta ka ridoan Anjeuna na sagala cita cita jeung kahayang. Mun enya mitresna manehna,bral geura teang pigur nu sarua. Najan hate geus leungit geterna,najan teu bisa ngagantian posisi manehna. Sanajan jeroning rasa,da puguh rasa tugenah jeung guligah kudu disiar ubarna keur tingtrimna ati.

0 nu mairan:

Entri Populer

Total Tayangan Halaman

  © Blogger templates The Professional Template by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP