URANG CIAMIEZ NGAN PEDAH TEU PATI KASEP HUNGKUL

URANG CIAMIEZ NGAN PEDAH TEU PATI KASEP HUNGKUL
poetra.ciamiez89@yahoo.co.id/yayaherdiana@rocketmail.com

17 April 2009

AYA WARNA NU BEDA


Kunaon geulis asa teu biasa?aya warna nu beda na pameunteu anjeun,nguyum bangun nu bingung.Aleum bangun aya nu di sidem.Kunaon geulis katingalna sapertos aya picarioseun?Sok atuh geura wakca balaka!ulah disidem ku nyalira.Keun urang ngabagi rasa,da puguh raga rumasa mitresna salira.


Kunaon geulis asa teu biasa?Aya nu beueus na soca anjeun,sapertos nuju aya katugenah manah.Sok atuh geura wakca!



Langit nu hideung nu nurunkeun hujan silantang,sami sareng anjeun nu nurunkeun cisoca na juru juru panon,apan ieu diri geus sayogi pami leres anjeun bade ngabagi kapeurih ati.


Ayeuna dinten jumaah kadua kalina mireungeu anjeun alum nguyum.neuteup bangun nu hoyong ngabagi rasa,ngalengkah nyaketan,tapi naha teu kebat?anjeun kalah mulih deui,anjeun neuteup ti katebihan,ngadeg di kaanggangan.


Ayeuna tos sataun langkung urang teu patepang deui,tapi rasamah teu kapalingan,emut keneh waktos anjeun ngantosan tepang di tempat biasa,tapi aya nu benten na pameunteu anjeun,aya warna nu beda.Tilu taun lamina urang sasarengan,anjeun tara katingali sedih,sumawona bendu.Pameunteu marahmai manis,dibarung imut kareueut sinareng dilak numatak tibelat.


Geulis hapunten diri nu teu surti,raga nu teu walakaya,dugi ka ayeuna anjeun teu katingali deui.Lami janten emutan siang sinareng wengi,dugi ka unggal dinten di pilari di tempat biasa,tapi nu kapendak ngan saukur anduk beureum nu harita ku anjeun di anggo kerudung,angger ngagantung na sampayan rasa sapertos nu teu aya robahna.


Geulis! na anjeun ayeuna aya dimana?weleh teu aya kabarna,sakapeung sok keuheul kadiri sorangan,naha diri teu surti waktos anjeun mendak katugenah manah.dugi ka raga nu kasiksa,margi ngemutan kalepatan diri.


Geulis!Hapunten diri nu teu surti.Seug urang silih du'akeun wae,mugia Gusti ngalimpahkeun rahmatNa ka anjeun jeung ka kuring,dimana wae anjeun ayana,Sareng saha wae anjeun mungkas alam lalagasan,mugia sadaya harepan nu pernah disidem ku anjeun,sing pendak sareng kanyataan.

0 nu mairan:

Entri Populer

Total Tayangan Halaman

  © Blogger templates The Professional Template by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP