URANG CIAMIEZ NGAN PEDAH TEU PATI KASEP HUNGKUL

URANG CIAMIEZ NGAN PEDAH TEU PATI KASEP HUNGKUL
poetra.ciamiez89@yahoo.co.id/yayaherdiana@rocketmail.com

18 April 2009

HEUREUY TEH SOK KAMALINAAN


Lis...saha atuh anjeun teh?gugupay lir nu ngaheureuyan,ngadilak lir nu ngoconan.
Lis....na saha atuh anjeun teh?rasa asa nu hoyong wanoh,wios dugi kamana wae anjeun masihan idzin,akang moal rek nyuhunkeun anu teu di ridokeun. Moal rek masihan anu teu di harepkeun.

Lis....Naha atuh heureuy teh kamalinaan?Saur anjeun,anjeun teh teu acan aya nu gaduh? Naha unggal pendak,anjeun sok nyandak murang kalih? Kacandak ku rasa nu marojengja lahlahan tumaros kanu wanoh. Saurna leres anjeun teh masih nyalira,murangkalih eta mah (……………) Nuhun Gusti karisi teh teu ngabukti.

Lis....Naha atuh heureuy teh kamalinaan? Waktos nyuhunkeun poto anjeun,naha anjeun kalah masihan guntingan poto tina koran ditambihan poto petinju orang amerika,saurna eta teh bebene anjeun?

Lis..... Naha atuh heureuy teh kamalinaan? Anjeun sok ngagentraan bari jirim namah di pipindingan. Sakapeung mun patepang raga,raray mah sok di tutupan anjeun bisa ningal ka akang,tapi akang teu bisa ningali raray anjeun.

Lis.... Naha atuh heureuy teh kamalinaan?akang teh tos katalimbeng rasa siang wengi emut wae ka anjeun.mun ceuk rahul tea mah sakali ningali imut anjeun,sataun moal hilapna. Sok komo aya na unggal urang patepang,anjeun sok imut ngaheureuyan.

Najan raga paangang,rumasa rasa mah sok kumalayang nepangan anjeun,kadang sok paudag udag jeung kalangkang bulan,sakapeung ucing sumput jeung meletekna panon poe nandakeun geus waktuna gawe.

Read more...

17 April 2009

CIMATA MARENGAN BEJA


Kolepat kalangkang anjeun kumalayang na kongkolak panon.Duh jungjunan!na kunaon anjeun bet tega luluasan megatkeun asih nu keur meujeuhna nganteng?
Na teu karunya ka akang nu mitresna salira?
Saur anjeun bongan akang nu teu aya kawantun,apan saur anjeun keneh istri sareng pameget nu sae teh nu tiasa janten kabanggaan pasangana.

Geulis apan anjeun ge terang nyalira,ari akang nu sakieu buktosna.naon nu rek dibanggakeun ti diri akang?


Ti kawit nguping wartos yen anjeun nampi pinangan hiji pameget,nu saurna seja mitresna salira.
Hate asa tingseredet,raga asa kaleungitan sukmana,da puguh sabeulah hate akang aya na diri anjeun.

Layung ngempur mulas mega,siga nu ngawawaas.Pan na mangsa kitu,urang duaan biasa patepang teh.Gap kana tihang,panon mencrong ka jauhna.keclakna cimata marengan tunggara.ras kana diri böngan asih ganti kapeurih,bongan katresna salin tunggara.

Rumasa kacinta teu aya duana,rumasa asih teu beunang disisilihan.Naha katresna sapertos ayeuna tiasa kapendak deui.Naha asih kiwari pinanggih ganti.Ngaguruh na bedug lir nu ngageuing.kulawung na adan lir nu ngabejaan.tuh pancuran ngaguruh jung geura wudu!Geura sumujud ka Hyang Agung! Geura tumamprak kanu maha Kawasa. Geura pasrah sadrah najan kahayang teu laksana. Penta ka ridoan Anjeuna na sagala cita cita jeung kahayang. Mun enya mitresna manehna,bral geura teang pigur nu sarua. Najan hate geus leungit geterna,najan teu bisa ngagantian posisi manehna. Sanajan jeroning rasa,da puguh rasa tugenah jeung guligah kudu disiar ubarna keur tingtrimna ati.

Read more...

BULAN TONG NGULINKEUN KURING


Bulan...Anjeun teh nu nyaangan sajeroning rasa,Anjeun nu kumalayang anteng marengan.mun enya anjeun teh nyaah,sok atuh geura sungkeman.Mun lain kuring nu dipilih ku anjeun,jig geura pilari pibatureun anjeun,tong rek ngulinkeun kuring.

Bongan anjeun...
Mun kuring ngadeukeutan,anjeun lumpat ngajauhan.Mun kuring nu indit najan demit,anjeun ngudag bangun nu ngoconan.
Bulan na naon maksud anjeun teh?Tong rek ngulinkeun kuring.

Mun enya anjeun rek marengan,sok atuh geura pasrah sumerah.
Mun anjeun rek milih nu lain,jig geura indit masing demit.
Geura bral tong kalah ngalelewaan
Geura jung tong kalah tumungkul.

Jig mega bawa indit bulan teh!
Bongan anjeun,diteang kalah dihalangan.
Disusul muwuh dikilungan.
Cik angin!anjeun apal kuring keur nyumput?
Bulan tong di iberan wae!

Read more...

AYA WARNA NU BEDA


Kunaon geulis asa teu biasa?aya warna nu beda na pameunteu anjeun,nguyum bangun nu bingung.Aleum bangun aya nu di sidem.Kunaon geulis katingalna sapertos aya picarioseun?Sok atuh geura wakca balaka!ulah disidem ku nyalira.Keun urang ngabagi rasa,da puguh raga rumasa mitresna salira.


Kunaon geulis asa teu biasa?Aya nu beueus na soca anjeun,sapertos nuju aya katugenah manah.Sok atuh geura wakca!



Langit nu hideung nu nurunkeun hujan silantang,sami sareng anjeun nu nurunkeun cisoca na juru juru panon,apan ieu diri geus sayogi pami leres anjeun bade ngabagi kapeurih ati.


Ayeuna dinten jumaah kadua kalina mireungeu anjeun alum nguyum.neuteup bangun nu hoyong ngabagi rasa,ngalengkah nyaketan,tapi naha teu kebat?anjeun kalah mulih deui,anjeun neuteup ti katebihan,ngadeg di kaanggangan.


Ayeuna tos sataun langkung urang teu patepang deui,tapi rasamah teu kapalingan,emut keneh waktos anjeun ngantosan tepang di tempat biasa,tapi aya nu benten na pameunteu anjeun,aya warna nu beda.Tilu taun lamina urang sasarengan,anjeun tara katingali sedih,sumawona bendu.Pameunteu marahmai manis,dibarung imut kareueut sinareng dilak numatak tibelat.


Geulis hapunten diri nu teu surti,raga nu teu walakaya,dugi ka ayeuna anjeun teu katingali deui.Lami janten emutan siang sinareng wengi,dugi ka unggal dinten di pilari di tempat biasa,tapi nu kapendak ngan saukur anduk beureum nu harita ku anjeun di anggo kerudung,angger ngagantung na sampayan rasa sapertos nu teu aya robahna.


Geulis! na anjeun ayeuna aya dimana?weleh teu aya kabarna,sakapeung sok keuheul kadiri sorangan,naha diri teu surti waktos anjeun mendak katugenah manah.dugi ka raga nu kasiksa,margi ngemutan kalepatan diri.


Geulis!Hapunten diri nu teu surti.Seug urang silih du'akeun wae,mugia Gusti ngalimpahkeun rahmatNa ka anjeun jeung ka kuring,dimana wae anjeun ayana,Sareng saha wae anjeun mungkas alam lalagasan,mugia sadaya harepan nu pernah disidem ku anjeun,sing pendak sareng kanyataan.

Read more...

Entri Populer

Total Tayangan Halaman

  © Blogger templates The Professional Template by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP